My Opera is closing 3rd of March

BLOG URANG SUNDA

lestarikan bahasa daerah.

"SARUNG CAGAK"

BAG. KAHIJI (1).



Pasosoré harita téh tara-tara ti sasari di sisi walungan Cijampang kacida haneuteunana. Urang lembur awéwé lalaki kolot budak ngadon tinglaliud sisi walungan. Éta cenah pédah rék lalajo anu bakal muka tataheunan.
Geus biasa, lamun naheunkeun bubu soré kamari, soré ayeuna meujeuh diangkatna téh. Tara nyamos kukitu téa mah, rék dua rék tilu ogé paribasana, lauk téh kudu waé aya nu asup kana taheunan.

Naheun bubu sabenerna geus teu anéh pikeun urang lembur mah. Malah teu kudu dilalajoanan sagala, da sakur anu resep ngala lauk mah pasti arapal. Kumaha cara masangkeun tataheunan atawa téhnik masang selot panto bubu. Komo cara ngadaharna mah sanajan lain tukang ngalana ogé leuwih arapal!

Tapi anu jadi kapanasaran urang lembur, pédah ayeuna anu turun ngabubu téh ieu mah ahlina hungkul. Pajarkeun téh purah ngecrik ti leuleutik purah marak ti bubudak, ayeuna paranggih deui geus papada kolot, hayang mulangkeun katineung, cenah. Basana téh itung-itung nganteurkeun deui karesep waktu keur ngora.

Nu naheun bubu teh lima urang. Aki-aki caretuk huis. Aya nu rada ngoraan saurang, Abah Atma. Disebut ngora sotéh bubuhan dibandingkeuna jeung Aki Juhri.

"Cikan geura angkat tataheunan téh, Abah. Hayang geura nénjo hasilna kuring mah." Pa Érté nu keur cindekul dina batu nyarita ka Abah Atma, bangun geus kesel nungguan.

"Ih, ari Jang Érté, kéheula ulah gurung gusuh ari nanaon téh. Paribasa, lamun mipit kudu amit rék ngala kudu bébéja!" cék Abah Atma bari menerkeun iketna.

"Kasaha bébéjana, Abah?"

"Eum, kapan aya palakiahna,"

"Kutan aya palakiahna, Abah? Cik ah guruan kuring, sugan wé bisa nurutan." Kang Iding ngadeukeutan ka Abah Atma.

"Teu meunang diajarkeun sambarangan, Atma!" Aki Juhri némpas bari ngalieuk. Abah Atma nyéréngéh.

"Piraku deui atuh, Kang," pokna.

**

"Saha heula anu rék mitembiyan, euy." omong Aki Juhri kanu naraheun.

"Déwék heula, ah." Aki Jadul némbalan bari nguniang cengkat.

Saméméh jrut turun manéhna gegerenceman heula. Kucuprak, kucuprak sukuna mimiti ngaléngkah ka tengah walungan. Teu wudu, rada tarik ogé caina palebah dinya téh.

Teu sawatara lila bubuna geus dijungjungkeun.

"Bantuan, euy!" pokna ngagero kanu keur rajeg di sisi.

Kang Iding anu cicing gigireun Pa Érté, sirikna teu luncat basa ngadéngé Aki Jadul ngagero téh. Matak kitu ogé pasti bubuna pinuh ku lauk. Geus kapikir, bakal meunang bagian buru-burueun anu di imah. Gura-giru Kang Iding nyampeurkeun.

"Beurat, Aki?"

"Heueuh, tong loba omong sok bantuan!" cék Aki Jadul.

Datang ka sisi ébréh lauk teh mani nyocok.

"Lolobana mah soro jeung kéhkél, nya." Aki Jadul ngahéhéh sugema.

"Bener dasar ahlina Aki mah, kabagian jang beuleumeun yeuh, nya Mang." cék Pa Érte bari ngarérét ka Mang Maja anu keur kekecrék, hookeun nenjo bubu pinuh ku lauk.

"Nu sahaeun ayeuna?" cék Aki Juhri deui.

"Kuring.....!" Aki Ajrom némbalan bari turun ka walungan.

***

Opat bubu geus dihanjatkeun. Nu lalajo teu weléh gogodeg, kagét mireungeuh bubu unggal diangkat parinuh ku lauk.

"Tah, ayeuna bagéan anu déwék. Abong lamun teu rimbil nepika luar-luarna téh, euy!" cék Aki Juhri semu sombong. Tuluy ngucuprak muru bubuna anu ditaheunkeun deukeut batu gédé. Diselapkeun nukangan leuwi.

"Bantuan entong, Ki?" tanya Mang Maja.

"Teu kudu. Kasebutna Aki-aki, ari tanaga mah cangker kénéh euy!" tembalna bari ngahéhéh, tuluy leumpang ngadeukeutan bubuna. Ceg bubu di jungjungkeun. Regeyeng dipanggul hampangeun pisan. Na ari soledat teh, Aki Juhri tiseureuleu, taksiran nincak batu leueuer aya lukutan. Teu bisa dipondah, awakna ngagaléong leungit kasaimbangan. Aki Juhri palid kabawa ku cai tarik.

"Tuluuung....! Tulung, batur.....!" pokna bari roroésan. Bubu anu kapangpéngkeun mah geus teu ditolih, tuluy nyoloyong ka jero leuwi.

Lalaki-lalaki anu disarisi teu cicingeun, gancang muru anu cilaka. Gup gep newak waruga Aki Juhri, tuluy dipayang ka sisi.

Nu teu tulus rék palid ngaheneng. Reuwas tayohna. Awak katut bajuna rancucut.

"Teuaya nu karaos, Aki?" tanya Pa Érté.

"Henteu, Jang Érté nuhun ah, ka sararéa geus nulung Aki," cék Aki Juhri bari nguniang tuluy ngahuleng.

"Aki inget kana bubu nu ngalelep ka leuwi, barudak. Lebar temen mun teu kapuluk téh, sakitu pinuhna ku lauk," pokna deui.

"Geus untung awak salamet oge, Aki." cék Pa Érté.

"Ah, tibatan bangkar mah urang teuleuman wae," omong Kang Iding.

"Sukur ari daek mah. Mun beunang, kusaha waé ogé hengkop méré." cék Aki Juhri.

"Serius Aki, rido henteu?"

"Naha make teu rido, Aki mah ménta burueun incu wé sakieu," Aki Juhri ngarawél dudukuy samakna, pék ditangkarakeun.

"Jadi, lah. Kumaha, sariap?" cék Kang Iding bari singkil ngalaan baju.

****

Geus lima urang anu nyoba neuleuman leuwi teh. Tapi gagal taya nu hasil. Kaasup Pa Érté milu ngajaran, ngan kaburu eungap cénah jeung bubuna ngait dina sarah walungan.

"Kumaha ari geus kieu?" cék Pa Érté.

"Lapur téa meureun...." Aki Juhri ngaheruk, hanjelu.

"Laaah, mani areuweuh kabecus, pira neuleuman leuwi sakitu!" cék Mang Maja, anu titadi lalajo waé.

"Sok atuh bisa mah ku Mamang teuleuman kadinyah." cék Pa Érte bari ngarérét kanu keur cucul-cucul, nu nyésa kari kolor komprangna rada ngampléh teu kaangsrodkeun.

Mang Omo anu diuk deukeut Pa Érté milu nyarita lalaunan, "Piraku wé awak jangkung badag kitu teu bisa teuleum-teuleum acan mah, éra ku tangtungan!" cénah.

"Tenjo ku sararéa, ku déwék bakal beunang. Ulah di sebut Si Maja lamun lain ahli teuleum!" cék...


Bersambung.....

MENGEJAR BAYANGAN"SARUNG CAGAK"

Write a comment

New comments have been disabled for this post.

February 2014
S M T W T F S
January 2014March 2014
1
2 3 4 5 6 7 8
9 10 11 12 13 14 15
16 17 18 19 20 21 22
23 24 25 26 27 28