My Opera is closing 3rd of March

BLOG URANG SUNDA

lestarikan bahasa daerah.

"SARUNG CAGAK"

BAG. KADUA (2).



cék Mang Maja bari hanjat kana batu nu rada luhur. Celegedeg nangtung, ngajega bari mébérkeun leungeun, persis éntog ngawahan arék hiber.

"Ciaaaaatt......!" pokna, bari ngagajleng kawas Tarzan, nyirorot ka tengah leuwi. Gujubar.....! Berekbek..... Berekbek..... awak Mang Maja ngiles diteureuy jerona leuwi. Jep jempling. Paneuteup nu lalajo dipuseurkeun ka tengah leuwi.

"Asa rada lila, euy." Pa Érté meupeuskeun kaayaan.

"Cara urang tadi, hésé meureun. Dasar jelema loba gaya, cuih!" cék Kang Iding bari nyiduh.

Heuleut lima menit sirah Mang Maja muncul na beungeut leuwi.

"Kumaha Mang, hasil?" Raéng nu naranya.

"Keun ulah waka di tanggap atuh, sina nyeunghap heula, eeeh!" Aki Juhri ngagebes. Teu diturut. Nu lalajo karah beuki panasaran bangun teu sabar.

Pada nanya téh Mang Maja mah kawas nu haré-haré. Manéhna anggur ngojay rurusuhan ka tukangeun batu gedé urutna luncat. Tuluy ngeueum semet harigu.

"Kumaha bubu téh, Jang?" cék Aki Juhri.

"Hésé Ki, ngaitna pageuh teu bisa dibedol!"

"Keun baé Jang Maja, lain milik urang matak kitu ogé sugan. Hanjat wé ayeuna mah, tiris!" omong Aki Juhri ngaheruk semu hanjelu.

"Enya Mang, bener cék Aki. Hayu ah, urang baralik!" Pa Érté milu mairan.

"Piraku aing rek pada ninggalkeun!" Mang Maja muncereng, bari rut-rét kaluhur kahandap, siga aya nu disumputkeun.

"Naha kunaon ari Mang Maja?" Pa Érté kerung.

"Calana kuring..... Érté," témbal Mang Maja melong ka hilir.

"Hah, calana, kunaon kitu?" nu araya méh bareng nanya, ngemu kahéran.

"Maksudna? Kumaha ari calana Mang Maja téh." cék Pa Érté leuleuy.

"Puguh eweuh! Duka ngait atawa kabawa palid, da basa ngojay bari teuleum mah teu karasa lesotna!"

"Ck... ck... ck..., karah téh?"

"Ayeuna ogé kuring teu wani hanjat, da....." pokna teu kebat.

Na ari ger téh nu lalajo sareuri, bangun suka tingbarakatak. Kaayaan sisi Cijampang ngadadak leuwih ramé tibatan tadi. Séahna cai walungan kasilep ku sora nu seuri. Komo awéwé géhgéran mah maké tingcéréwet, malah aya nu nungkup beungeut sagala, sieun meureun......

"Jep, jempé....! Jarempé! Éeeh, ari taeun teh," Pa Érté ngahulag.

Jep nu sareuri nurut, repeh. Sawareh tingcikikik kénéh tukangeun.

Pa Érté gagaro bujur bari mikir kumaha alusna. Ku manéhna kasawang, Mang Maja nu barangasan beungeutna reup geuneuk ray pias, éra jeung ambek asa diunghak ku batur salembur.

"Naha aing teh rék dilalajoan waé!?" Mang Maja morongos bari tanggah kanu di sisi. "Pangmapaykeun atuh calana aing!" pokna deui bari molotot.

"Tenang, tenang heula, Mang." cék Pa Érté. "Cik, cik pangnéangankeun, barudak! Sabar heula Mang, mun teu kapanggih mah paké wé calana rangkepan kuring."

"Nginjeum calana Ma Uti oge teu nanaon, lah." Si Juheb nyelengkeung.

"Hih, teu sudi teuing! Bangkawarah siah, ngahina abong ka nini-nini. Doraka, deuleu!" Ma Uti nyigeung bari murilkeun ceuli Si Juheb.

"Aduh, ampuuun..... Pangmapaykeun atuh ku Ema, he...." cék Si Juheb muringis.

"Meugeus Juheb! Sok kaleuleuwihi ari heureuy teh. Kumaha kapanggih teu, Jang?" Tanya Pa Érté ka Si Émén nu balik deui.

"Teu aya, Pa."

"Ieu meureun....!" Si Oding nyorowok ti béh hilir bari nyokot calana kolor nu nyangsang, tuluy dibébérkeun.

"Heueuh, éta!" baturna muru.

"Ku uing anteurkeuna, Ding!" cék Si Udi.

"Montong siah, da panggih uing!"

"Mending ku urang bikeuna!" Si Émén gancang ngarawél kolor nu keur dikeukeuweuk ku Si Oding. Der calana diparebutkeun. Pada ngabenyéng. Itu ieu papada hayang mikeun. Béréwék, soéh palebah bujurna.

Mang Maja anu keur ngeueum dina leuwi kekerot bawaning ambek, nénjo kolorna diparebutkeun bebenyit. Kajurung nafsu jadi teu sadar, lat poho kana naon anu keur karandapan.

"Na ari sia kunyuk! Karah diparebutkeun calana aing! Ciaaaaatt......!!" pokna bari ngagajleng luncat muru ka barudak.

Awéwé anu lalajo sirikna kocéak jerit, basa mireungeuh.... Tongtolang nangka.

"Biuuuuung......... Sagedé anu sok ditakol ku Ki Marebot di masjid jami éta mah barudaaaaak........!" cék Ma Uti bari meungpeun carang. ***

Cag, ah....


-TAMAT-

"SARUNG CAGAK"SI GENDUL NYABA KA BULAN

Comments

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Friday, March 4, 2011 1:18:39 PM

Nteu ngartos :'(

Tunggara SalaminaAshban Friday, March 4, 2011 1:43:43 PM

Gpp, pura2 ngerti aja ya. Makasih zen.

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Saturday, March 5, 2011 3:04:13 AM

Kalo gak ngrti, pura2 ngrti, ngebual dum, wkwkwk:-D

masama as:-)

Tunggara SalaminaAshban Saturday, March 5, 2011 4:27:08 AM

Hehehe.....senengnya bisa ktmu Zen di alam lain. itulah indahnya perbedaan.
'Bhineka Tunggal Ika' slogan kt.

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Tuesday, March 8, 2011 12:32:25 PM

Kalo aq pake bhasaku, gmana? Misalkan gni "urang tuha duhulu jerang ye ade kena penyakit, apa dikit ngenai yo?!

Tunggara SalaminaAshban Tuesday, March 8, 2011 2:36:47 PM

Tuing teu ngarti ah.... aq gak ngerti bahasa Samarinda, ajarin dulu dung, please.

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Wednesday, March 9, 2011 5:34:30 AM

Hahaha, tu bhasa kutai.

Artinya, "ORANG TUA JAMAN DLU, JARANG ADA YG PENYAKITAN, KENAPA YA"

Tunggara SalaminaAshban Thursday, March 10, 2011 3:23:35 AM

Hemmm...... betul bgt.
Orang tua jaman dulu mah biar makanannya sederhana, tapi menyehatkan.
Org jaman skrg maunya yg serba instan, phalagi mknan2 kemasan itu sdh terkontaminasi dgn zat pewarna dan kimia. Lebih parah lg ada yg pake pormalin buat pengawet.
Mengonsumsi mknan jmn sekarang=membuka peluang bagi bersarangnya berbagai mcm penyakit. Hehe.....

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Thursday, March 10, 2011 3:06:18 PM

Tpi As, aku org yg milih2 mkanan. Pa lg yg instant. Aku jarang bget mengkonsumsinya. Tpi tetep ja aq pnykitan. Masak, cumen ngemut permen sjnis relaxa, aku sakit perut.

Tunggara SalaminaAshban Thursday, March 10, 2011 3:21:06 PM

Wah, mungkin itu mah Zen alergi permen x. Jangan ngemut permen lg ya. Ngemut pisang aja, wkwkwkwk.........

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Thursday, March 17, 2011 3:08:30 AM

Wkwkwk, kalau pisang tu mkanan ksuka'anku. Dan aman buat lambung ku As.

Nopemu kuq g aktif As.

Tunggara SalaminaAshban Thursday, March 17, 2011 2:12:59 PM

Hehehe.... skrg jadwal aktifnya dr jam 17.00 s/d jam 7.00 pagi. Wkt siang gonta-ganti sm yg gratisan wat onlen.

Wkwkwkwk......
www.dasar_kere.com/blogspot/

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Friday, March 18, 2011 2:49:13 AM

Kuq qta cma yak, cm2 kere, n cri grtisan, wkwkwk:-D

Tunggara SalaminaAshban Friday, March 18, 2011 1:37:38 PM

Hehehe.... kudu gmn ya, Zen biar dapet duit banyak. Mao nulis cerpen jg skrg jadi males banged. Hilang semangat.! hupt....

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Saturday, March 19, 2011 3:25:11 AM

Sma! Gmana bs semangat, kalo hri2 sbuk nyarikn isi dmpet. Inspirasi, lgsung kacau, wkwkwk:-D

aku mau ngepet. Tpi, siapa yg mau jga lilin na ea.:-D

Tunggara SalaminaAshban Saturday, March 19, 2011 3:54:25 AM

Hahahaha.... Kenapa hrs pake lilin? Lampu 5 watt jg bagus qo, lebih praktis n simpel, tar aq jagain saklar'a.

Nah, klo Zen lg apes langsung q matiin lampuna, selamat deh bawa duit sekarung.....
wkwkwkwk...

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Saturday, March 19, 2011 2:07:24 PM

Wkwkwk, ngepet era 2000 yak, mastaf bget:-D

Tunggara SalaminaAshban Sunday, March 20, 2011 2:04:13 AM

Kan udah jaman Milenium, bagusan lg si tukang ngepet bawa GPS, biar gk kesasar. hiks...hiks...hiks...

Tanazaki Monday, March 21, 2011 9:28:08 AM

Mas tu bhasa apa? Thailand ya...

Tunggara SalaminaAshban Monday, March 21, 2011 9:55:28 AM

Hehehe.... Tanazaki gak mudeng ya. Ini bahasa sunda, teman.
Maklum, org udik klo nulis pake bhs indo suka blepotan. Jd campur sari aja....

Tanazaki Monday, March 21, 2011 10:02:05 AM

Ou kira'n bhsa thailand...wkwkwk

Tunggara SalaminaAshban Monday, March 21, 2011 10:09:55 AM

Hadoooh... Tan, aksara qm bisa warna2 qt gmn caranya? Tulungin dunk, pengen jg neh....

Tanazaki Monday, March 21, 2011 12:18:38 PM

mksdnya mau teks wrna ato blog berwarna?

Tunggara SalaminaAshban Monday, March 21, 2011 1:29:54 PM

Maunya seh dua2nya, hehe...
Tp biar gk mumet teks dlu deh, gmn? Tp yg support di hp, krna aq nge-blog pake hape. Bisa gk ya.

Tanazaki Tuesday, March 22, 2011 8:08:07 AM

bisa mas kan aku juga pki hp,,,

untuk teks wrna kodenya seperti ini:
[color=00ff00]INTERNET[/color]

maka INTERNET akn brwrna seperti ini INTERNET

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Tuesday, March 22, 2011 11:24:29 PM

Tanazaki tu cntoh org milenium. Postingn na ky pelangi, hexexe:-D

Tanazaki Wednesday, March 23, 2011 1:04:28 AM

mf mas,kode yg d ats ga nampk smua.mas coba ja pk kode yg aku kirm lewt pesan.
Zenia@ah..apnya yg milenium biasa ja x. Zen,,gmna html nya udh bsa blum?

Tunggara SalaminaAshban Wednesday, March 23, 2011 2:51:07 AM

Zenia~> roti'a dibikin milenium jg Zen, kasih pewarna silver ya. Tar kirim aq 1 paket. Awas jgn pake bom.
wkwkwkwkwkk.....

Tunggara SalaminaAshban Wednesday, March 23, 2011 2:56:54 AM

Tanazaki~> makasih ya, udah aq coba tapi gk bisa. Mudeng banged neh, hehehe....
gaptek.com/

Tanazaki Wednesday, March 23, 2011 5:37:32 AM

klo ga bsa mendng pk pc mas mungkn bsa.

Tunggara SalaminaAshban Wednesday, March 23, 2011 9:13:40 AM

PC nya msh disimpan di toko, blm di ambil.
wkwkwkwk....

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Friday, March 25, 2011 12:24:29 PM

Zaki, zen lum smpet. Cz di riel bner2 melelahkan. Zen pending dlu.

As, tar tak krimin roti copy pasta plud belang2. Wkwkwk:-D

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Friday, March 25, 2011 12:25:58 PM

Zaki, zen lum smpet. Cz di riel bner2 melelahkan. Zen pending dlu.

As, tar tak krimin roti copy pasta plud belang2. Wkwkwk:-D

Tunggara SalaminaAshban Saturday, March 26, 2011 2:45:36 PM

Hehehehee........
Tak mau yg belang2 ah, Zen. Skrg jarang nongkrong di fb, ya.

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Sunday, March 27, 2011 11:52:54 AM

Aq kmren pulg ke kampung uwak. Jringn gprs na parah. Ni dah pulg ke smrinda.

Tunggara SalaminaAshban Tuesday, March 29, 2011 5:58:32 AM

Ooo.....gitu to ceritane.

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Tuesday, March 29, 2011 11:24:47 PM

Skrg di undang bos tdur d rumah nya. D atas gunung, tpi gprs na, ampun eror nya.

Tunggara SalaminaAshban Wednesday, March 30, 2011 7:56:16 AM

Diundang tidur di atas gunung??? Gunung yg mana neh, he.
Wkwkwkwkwk.......
Awas gunung nya aktif Zen, tkt ngbeledug!

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Friday, April 1, 2011 12:56:48 AM

Gunung na pasif As, hahaha...:-D

Tunggara SalaminaAshban Sunday, April 3, 2011 5:45:24 AM

Hehehe.....
Gunung Kembar.

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Monday, April 4, 2011 12:54:05 PM

Mank ada :O

Tunggara SalaminaAshban Monday, April 4, 2011 2:14:12 PM

Ada, tiap cw jg punya ko....
Wkwkwkwk......

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Tuesday, April 5, 2011 2:12:10 PM

Hush:O

Tunggara SalaminaAshban Tuesday, April 5, 2011 5:01:26 PM

Hehehehe.....

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Thursday, April 14, 2011 11:26:04 AM

Duh, hp q ngblenk. Ni bru bsa ol lg. Gusti q pv wkt d fb kuq g jwb.

Tunggara SalaminaAshban Thursday, April 14, 2011 12:16:53 PM

Emg Zen kirim apa? Udh di cek gada pp koq. Akun yg lama skrg dah aktf lg. :-)

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Tuesday, April 26, 2011 9:47:39 PM

Aku cumen nyapa kamu di chat fb As. Aq bru smpet buka Myo neh. Ril q sbuk bget As.:-)

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Tuesday, April 26, 2011 9:56:50 PM

Tpi, knapa aq gak lyat akun nya As.

Tunggara SalaminaAshban Wednesday, April 27, 2011 11:00:20 AM

Sibuk terus ya Zen, muantaf banget neh, calon milyarder emg hrs begitu. Sedikit bicara bnyk kerja, putar otak awas b***k !!!
Xixixixixixi.....

Akun yg lama, emailna
as.genoa76@ymail.com
Emg Zen skrg pake aplikasi apa? Snaptu ato armor.

ZENIA Tulalitzeniatirtiq Thursday, May 12, 2011 7:10:59 AM

Udah q save email na.

Usaha Roti d tmpat q bkerja udah mulai sepi. Saingn makin byk. Bos akhr2 ni ngajak aq ksna kmri cri usha lain. 2 minggu lalu beliau ikt aq pulkam, pgen lyat, apa potensi yg bsa d jdkn lahan bisnis. Aq mah ngkut ja, scra aq neh g ngrti pa2. Yg pasti, aq ikut2 sibuk g karu2n gtu hahaha.

Aku di snaptu, tpi kalo mau chat ma tmen fb, aq ke armor.

Write a comment

New comments have been disabled for this post.

February 2014
S M T W T F S
January 2014March 2014
1
2 3 4 5 6 7 8
9 10 11 12 13 14 15
16 17 18 19 20 21 22
23 24 25 26 27 28