SI GENDUL NYABA KA BULAN
Thursday, March 10, 2011 7:19:06 AM
CARPON
~PANGANTEUR CARPON "SI GENDUL"~
==============================
Anu ngajurung pikeun nuliskeun ieu carita teh kereteg anu geus diniatan ti behdituna. Baheula, keur budak ari memeh sare teh sok dipangdongengkeun ku indung. Emut keneh Ema sok ngagelendut gigireun. Rupa-rupa dongengna teh. Aya carita sakadang Kuya-Monyet, sakadang Peucang balap lumpat jrrd. Hiji kabiasaan anu mere kesan ngabentuk jiwa kapribadian. Sabab eusi caritana ngandung unsur atikan jeung moral.
Diantara dongeng-dongengna, Ema sok ngalalakonkeun carita Nini Anteh. Beuki saregep ngabandungan teh, sabab di dinya aya pangalaman 'aheng'. Kumaha bisana nini-nini bari ngengelek ucing bisa pindah ti Bumi ka Planet Bulan ngan saukur tumpak (palapah jambe) upih. Mingkin seru, dituturkeun ku daya tangkep fikiran budak anu masih polos, tangtu ngahudang alam imajinasi. Malah make sok tuluy ngahayal, "eh, bagja temen lamun bisa nganjang ka Bulan, nepungan Nini Anteh anu bageur......"
Ka behdieuna sanggeus kuring dewasa sok meunang beja, boh tina warta koran, televisi atawa internet anu ngaberitakeun kapanggihna mahluk asing (Alien) ti planet salian Bumi. Diantarana anu kungsi kapanggih teh di daerah Roswell, wilayah tenggara New Mexico jrrd. Lamun dibandingkeun jeung dongengna Nini Anteh kawasna versi Alien leuwih akurat, sabab ditambah bukti aya gambar potona. Wallahu'alam.......
Eusina ieu carita sakadar piktif. Muga ngahibur kanu macana.
Wassalam.
Jalmi alitreno46 # Friday, April 15, 2011 5:50:42 PM
Hapunteun kasadayana bilih aya carios tisimkuring nuteu dipikeursa. .
Tunggara SalaminaAshban # Saturday, April 16, 2011 4:11:12 AM
Ari ngarasa jadi urang sunda mah tur micinta kana budaya jeung sastrana, teu perlu isin nga-blog ku basa daerah oge. Ciri2na urang gaduh tekad hoyong ngalestarikeun.
Jalmi alitreno46 # Saturday, April 16, 2011 5:06:55 PM
Tunggara SalaminaAshban # Sunday, April 17, 2011 4:21:14 AM
Jalmi alitreno46 # Sunday, April 17, 2011 4:57:47 PM
Tunggara SalaminaAshban # Monday, April 18, 2011 1:58:45 AM
Karawang bergoyang mah dina 3gp ayana oge.
Wkwkwkwkwk........
Jalmi alitreno46 # Monday, April 18, 2011 1:27:18 PM
Tunggara SalaminaAshban # Monday, April 18, 2011 4:31:25 PM
Ayeuna linggih teh dimana, gan???
Jalmi alitreno46 # Tuesday, April 19, 2011 10:58:30 AM
Tunggara SalaminaAshban # Tuesday, April 19, 2011 4:18:41 PM
Naha lampar2 teuing ngumbara teh atuh saderek, damel naon di sumatra teh???
Ari asli ti mana, geuning tiasa nyarios sunda. ^_^
Jalmi alitreno46 # Wednesday, April 20, 2011 4:06:26 AM
Tunggara SalaminaAshban # Wednesday, April 20, 2011 12:28:36 PM
Wah, hebat si agan. Ari padamelan mh naon wae nu pntng berkah srg halal.
Dido'a keun mugia sing sukses wae, ke ari uih ka pulo jawa nyandak acis sakarung.
Jalmi alitreno46 # Wednesday, April 20, 2011 11:54:26 PM
Tunggara SalaminaAshban # Thursday, April 21, 2011 2:37:34 AM
Ha...ha...ha...hah.....
Jalmi alitreno46 # Thursday, April 21, 2011 4:11:06 AM
Tunggara SalaminaAshban # Thursday, April 21, 2011 2:08:10 PM
Sae tah emutan teh. Da percumah atuh bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah oge ari bubututan mah.
Hihihihi...... :-D :-D :-D