SI GENDUL NYABA KA BULAN
Tuesday, March 15, 2011 4:29:35 AM
Bada isya, barudak anu tos ngaraji tuluy shalat berjamaah di masjid balubar. Der pasesered dina lawang hayang paheula-heula bijil. Si Uking budak anu pangheulana nereleng ka lawang, awakna kasuntrungkeun. Gebut, tisuksruk kana tembok tetecean. Nging leweh. Nungkup beungeut bari cingogo na emper masjid. Nu boga dosana mah karah pahereng jeung baturna, papada embung salah silih seundeuhkeun.
Ustadz Aman, guru ngaji ukur bisa gogodeg ningali polah budak asuhanana. Bangun sabar pisan tuluy nyampeurkeun si Uking diupahan sina repeh. Geus leler, si Uking ngincid balik ka imahna bari inghak-inghakan.
Langit lenglang, beresih taya megaan. Bulan purnama nu ngagantung di awang-awang moncorong nyaangan sabudeur alam.
Si Gendul jeung baturna, opatan ngahaja mandeurikeun maneh kaluarna teh. Tuluy laleumpang ngaleut mapay jalan desa bari kakarawihan.
"Bulan tok bulan tok
Aya bulan sagede batok
Bulan tok bulan tok
Bulan caang tara mondok
Bulan tang bulan tang
Itu bulan sagede rantang
Bulan tang bulan tang
Dunya poek jadi caang
Bulan tak bulan tak
Sinarna nyorot ka handap
Bulan tak bulan tak
Nyaangan sirah nu botak."
"Hahahaha......" Barudak tingbarakatak saleuseurian.
"Asa betah nya, ari tipeuting caang bulan teh," cek si Gendul, anu leumpang panghareupna. "Tuh, tingali bulan teh kawas nunutur." omongna deui bari tatanggahan. Si Emen ngadeukeutan.
"Aeh, heeh nya bulan teh siga ngadodoho urang," cek si Emen bari muringis.
"Gancangan laleumpangna euy, uing teu genah hate yeuh." cek si Adun. Si Gendul ngalieuk bari pokna, "Teu genah hate kunaon ari maneh?"
"Rarisi we, bisi kumaonam." tembal si Adun.
"Risi kumaha? Ah, sok aneh maneh mah, Adun. Mending urang mulan di buruan uing yu, rerebonan atawa maen poces, resep geura." ajak si Gendul.
"Uwah, naon resepna. Hoream ah." si Emen gigideug.
"Ayeuna mah jaman moderen. Mulan di buruan teh geus teu usum, Gendul." Jang Herman milu mairan.
"Naha?"
"Nya enya, pikir we geura ku maneh. Ayeuna di lembur urang, lamun datang waktu peuting teh di unggal imah bruy-bray ngahurungkeun lampu listrik."
"Naon hubungana lampu listrik jeung bulan?" si Gendul kerung.
"Hehehe.... apan caang. Malah lampu listrik mah leuwih caang tibatan cahaya bulan!" tembal Jang Herman. "Masina bareto, samemeh listrik asup ka lembur sok atoh ari caang bulan teh. Ayeuna mah barudak oge geus teu raresepeun."
Si Gendul ngahuleng bari bangkenu. Hatena teu panuju kana pamanggih Jang Herman teh. Tapi dikedalkeun mah henteu, ukur biwirna anu manyun, asa kasindiran pedah di imahna henteu masang listrik.
Sakapeung si Gendul sok ngarasa sirik ka tatanggana anu geus marake lampu listrik. Pikirna sok nganaha-naha ka ema-na, kunaon henteu masang KWH listrik atawa ngeting kanu boga kawas batur. Tapi tara tutuluyan. Si Gendul sok gancang sadar kana kaayana anu sarwa walurat. Masih untung, manehna bisa hirup oge apan sasat digedekeun ku pangawak indung anu tinggal sabeulah, da bapana mah geus miheulaan ninggalkeun alam dunya.
"Mending cicing di imah. Diuk nyarande, bari lalajo TV." cek si Emen.
"Cicing di imah batur!" si Gendul ngadelek. Da nyahoeun di imahna si Emen teu bogaeun TV.
"Kumaha uing we. Openan teuing!" si Emen muncereng.
"Malem ieu oge aya pilem rame teh, Gendul." cek si Adun. Si Gendul teu nembal, tonggoy leumpang mempo tincakeun.
**
Tepi ka palebah buruan anu palatarana lalega, hareupeun imah gedong barudak ngarandeg.
"Yu, nyarimpang heula," cek Jang Herman bari dongko, leungeuna ngarongkong ka jero ngalaan tulak panto pager beusi.
"Hayu, hayu!" si Adun jeung si Emen haripeut diajakan teh.
"Maneh Gendul, arek?" Jang Herman melong si Gendul anu ngahuleng bari ngajengjen na lawang pager. Keueung balik sorangan ongkoh.
"Rek naraon kitu, Jang?"
"Apan nongton TV. Hayu gancangan, arek moal?" Jang Herman ngarawel panto pager rek ditutupkeun.
"Teu apaleun si Gendul mah, Jang. Kuper!" cek si Adun bari seuri.
"Rame Gendul, aya pilem seru, dina iklana oge!" cek si Emen.
"Pilem naon?"
"Pilem perang! Jagoan gagah ngalawan pasukan Alien. Pasti seru jeung tegang, siah. Maneh bakal panasaran lamun teu nongton, sabab tarungna di luar angkasa!" omong si Emen.
"Alien? Ngaran sato naon eta teh?"
"Matakna, kudu sering nongton TV kawas uing, ngarah rea kanyaho! Alien teh lain sato, tapi ngaran sabangsa mahluk luar planet Bumi anu cicingna di planet ruang angkasa!" si Emen nyaritana semu reueus, bari pepeta.
"Ooh...... Karah teh di planet lain oge aya nu nyicingan, nya. Di planet naon tempatna teh?" si Gendul mimiti panasaran.
"Ari cek beja mah mimiti kapanggihna Alien di planet Mars. Tapi di Bulan oge aya," Jang Herman milu nerangkeun.
"Saha anu manggihana, Jang?"
"Tangtu para ilmuwan atuh, anu palinter dina widangna!"
"Tuh, nyaho! Matak ari bulan bijil teh uing mah sok risi jeung keueung, sieun dirawu ku Alien. Hiiiiyy.......!" si Adun ngarengkudkeun taktak, ngabirigidig.
"Ah, apan anu nyicingan bulan mah nini Anteh." si Gendul nempas.
"Dongeng baheula eta mah, kuno! Ayeuna tempatna geus dilandih ku Alien!" cek Jang Herman. "Hayu ah, kaburu peuting,"
"Hayu lah. Tapi ulah peuting teuing nya, Men. Ema uing bisi deudeupeun." cek si Gendul bari nuturkeun.
Asup ka jero imah Jang Herman, si Gendul rada ngarengkog. Kaget jeung kayungyun ningali pangeusi imah anu sarwa mewah, cek ukuranana. Siki panon si Gendul gular-giler ngareretan pajangan anu ngahias jero ruangan.
Bersambung......












