SI GENDUL NYABA KA BULAN
Thursday, March 24, 2011 2:49:30 AM
CARPON
BAG. KADUA (2).
Kakaraeun. Enya oge manehna babaturan ngaji Jang Herman acan pirajeunan ari nganjang mah. Pareng sakalieun diajak oge langsung nolak. Si Gendul sok gancang inget kana papatah Ema-na, "Ari euweuh perlu ulah sok ulin di imah batur, komo dinu beunghar mah era! Urang mah jelema teu boga." Tapi harita, lat wae manehna poho.
"Ari maneh arek kamana, sih?" si Emen ngenyang sarung si Gendul anu dikongkoyangkeun dina beuheung, basa rek nyolonong ka ruang tengah.
"Lain lalajo te....a," si Gendul mundur bari nyengir. Sirahna ngadangheuak, kaeurad samping anu dibetot.
"Di kamar Jang Herman lalajona. Di ruang keluarga mah era atuh ku kolotna!" cek si Emen ngaharewos.
Kamar Jang Herma teh lalega. Laluasa teuing keur ukuran budak pantaranana. Pangeusina lengkep. Pangabutuh di kamar nyampak sagala aya.
Si Gendul molohok, basa merhatikeun meja ukir tunjangeun risbang. Kabitaeun pisan ningali koleksi rupa-rupa kaulinan. Momobilan, robot, miniatur kareta api jeung cocooan laina dijajarkeun mani rapih. Ngaderet beres, kawas pajangan di toko. Di juru, dina meja belajar aya saperangkat komputer lengkep jeung mesin citakna. Gigireun lomari jati tilu muka, dina erak, ngabagug televisi tujuh belas inci. Dihandapna nyusun parabot elektonik sejena. Aya DVD, PS game jeung kasetna.
"Eh, bagja ari jadi anak nu beunghar," pikir si Gendul.
"Kunaon hulang-huleng wae, Gendul." Jang Herman ngareret bari mesem. Si Gendul ngalieus, asa katohyan.
"Henteu. Uing mah hayang geura nongton pilem tea, Jang." pokna.
***
Maju ka peuting acara TV mingkin rame. Meh unggal canel nayangkeun pilem-pilem barat, anu teu pantes ditingali ku barudak. Lalajo pilem anu dipikaresep barudak tuluy aranteng. Perhatian museur kana jalana pilem. Rarobah diukna lamun kaselang iklan, ngarahuh bari tingkuliat. Si Adun mah aya aturan ngagoler heula.
Sabenerna eta pilem teh tongtonan dewasa. Pilem barat! Caritana ngalalakonkeun datangna mahluk asing anu disebut Alien, ka Bumi nyulikan bangsa manusa. Puguh we dunya ngadadak geunjleung. Loba masarakat anu kawenehan, nyaksian barang aneh kakalayangan di awang-awang. Bentukna aya nu jiga kapsul, lonyod panjang tingburinyay harurung. Sakapeung aya anu mangrupa piring raksasa. Pamrentah satempat kawalahan. Meh unggal poe aya laporan ti tiap daerah anu kaleungitan ku wargana.
Saurang Profesor ngarasa prihatin mireungeuh eta kajadian. Manehna muter otak, neangan solusi pikeun gancang nyieun tindakan. Tuluy ngumpulkeun para elmuwan, badami ngayakeun riset jeung panalungtikan.
Ngan sakoteap, pesawat anu bisa nembus ruang angkasa geus diciptakeun. Sanggeus beres jeung tarapti sagalana, pesawat diluncurkeun. Orokaya, can oge tepi ka tempat tujuan di pegat manten ku Alien anu leuwih tiheula ngambeu tempatna bakal diserang. Der perang rongkah di antariksa. Masing-masing ngaluarkeun senjata pikeun ngelehkeun kakuatan musuh. Ahirna pasukan Alien mimiti kadeseh.....
Tabuh dua welas, pilem anggeusan.
"Urang balik, Emen, hayang sare uing mah." cek si Gendul bari merelek heuay. Si Emen unggeuk. Panona geus lindeuk, ceuleuyeu tunduheun. Jung narangtung bari babatek.
"Geuingkeun heula si Adun." Jang Herman nunjuk ka si Adun anu sila mendeko bari peureum. Si Emen nepak taktak si Adun.
"Ieuh, hayu balik!" cenah.
"Mmmh...... Hap! Tenang Pa, tembak di tempat nya, ngarah kojor semuah....!" tembal si Adun bari angger panona peureum. Leungeun ngopepang teu puguh anu dicekelna.
"Ari maneh nyarita naon?" si Emen keheuleun. Sirah si Adun didegungkeun satarikna.
"Aaaah......" si Adun beunta. Rungah-ringeuh, "Anggeusan pilem teh, Jang?" pokna.
"Loba tatanya, monyong. Anggur susut eta dahdir. Hayu balik!" si Emen ngaleos kaluar nuturkeun si Gendul.
****
Srog ka hareupeun imahna, si Gendul rada hemar-hemir rek gegeroan teh. Aya rasa sieun, Ma Rukmi indungna bakal ngambek. "Tapi piraku kudu sare di tepas." cek pikirna.
Bersambung.....