Sanuk-sanuk heula

Asalamualaikum ikhwan akhwat filah pd hari ini saya bisa posting di my opera smoga dg adanya fitur ini saya bisa lebih kreatif dan menjadikan tambahan kebaikan bagi saya.amin... Wasalamualaikum

Malihmah upami di
pantunkeun mah kieu :
Daun jeungjing jeung
sandawa
Digantelan daun cula
Henteu jing-jing henteu
bawa
Datang seja kumawula.
Kahoyong mah nutur
galur para jumhur, mapay
tapak para anbiya, mung
nyakitu galurna teu ka
tuturkeun, tapak lacakna
teu ka nyatakeun.
Upami mah ka tingal aya
babantunan, etamah
tamba lengoh, etang-
etang tilam kasono,
kagegelan ka asih sareng
ka tineung, payombo
kanu donto, ngupahan
anu lenjang, manawi
bahan katampi.
Nanging hapunten anu
kasuhun mung
alakadarna, mugi ulah
ditingali barangna,
sumawonten nilaina mah,
tingali wae tina niatna,
insya Allah niat anu ikhlas
mangga nyanggakeun
mugia katampi kalayan
kabingahan.
Hadirin nu kusimkuring di
pihormat
Sateuacan di pungkas, sim
kuring mahanan ku du’a
mugia ieu pasangan anu
bade diakadan teh sing
janten kulawargi anu
sejahtera, bahagia pi
dunya wal akhirat.
Kulawagi mawadah wa
rahmah.
Sakitu wae, bilih aya saur
nu teu ka ukur, anu teu
luyu jeung aturan hokum,
atanapi aya basa anu
kirang merenah, teu pati
ka reka mirayaan tina
adat kabiasaan, hapunten
anu ka suhun.
Billahit Taufik Wal
Hidayah
Wassalamu’laikum Wr.
Wb.

DOMIR FASHOLFrom: umarfaroeq@myopera.com Sent

Write a comment

New comments have been disabled for this post.